B. Daerah

Pertanyaan

contoh sajak bahasa sunda. smp

1 Jawaban

  • Hal nu perlu dilakukeun sangkan bisa nyieun conto sajak bahasa Sunda nyaeta perlu mikawanohh naon nu disebut sajak sarta naon bedana sajak jeung puisi. Dina sastra Sunda, sajak nyaeta salahsahiji rupa tina puisi. Aya sawatara rupa puisi Sunda nyaeta saperti sajak, guguritan, sisindiran, wawacan, mantra, pupujian jeung carita pantun.  

    Pembahasan

    Dina sastra Sunda aya puisi nu kaiket ku aturan jeung aya oge puisi nu teu kaiket ku aturan. Sajak kaasup kana puisi nu teu kaiket ku aturan. Sedengkeun conto puisi nu kaiket ku aturan nyaeta saperti guguritan jeung wawacan nu kaikat ku aturan pupuh. Pikeun ngajawab pananya di luhur di handap ieu nyaeta conto sajak bahasa Sunda nu miboga judul Lembur Kuring:

    Lembur Kuring

    Alam endah di lembur kuring

    matak genah kana hate

    gunung ngariung tangkal ngaronyok

    matak waas waktu ka tukang

    Sanajan kuring di dayeuh

    gedong agreng tur luhur

    hate mah tetep ka lembur

    lembur nu moal aya duana

    Lamun kuring geus ka lembur

    sagala urusan kapohokeun

    poho kuring kudu ka dayeuh

    pikeun kuring nyiar elmu  

    Pelajari lebih lanjut

    • Naon hartina sajak teh brainly.co.id/tugas/7511385
    • Sajak dina sastra Sunda brainly.co.id/tugas/14392009
    • Kauger ku naon bae ari sajak teh brainly.co.id/tugas/10071457

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VII

    Mapel : Bahasa Sunda - Sajak

    Bab : 6

    Kode : 7.13.6

    #TingkatkanPrestasimu

Pertanyaan Lainnya