naon anu dimaksud pada, engang, padalisan teh?
B. Daerah
syadkiraan
Pertanyaan
naon anu dimaksud pada, engang, padalisan teh?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Kecap pada, engang jeung padalisan nyaeta istilah-istilah nu aya dina karya sastra wangun puisi, utamana wangun puisi anu kaiket ku aturan. Pada hartina sarua jeung gunduk atawa dina basa Indonesia disebut bait. Engang hartina sarua jeung suku-kata, sedengkeun padalisan hartina sarua jeung jajar atawa dina basa Indonesia baris.
Istilah pada, engang jeung padalisan utamana digunakeun dina wangun puisi nu kaiket ku aturan, saperti guguritan anu kaiket ku pupuh. Sedengkeun wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan, saperti sajak, biasana ngan saukur ngagunakeun istilah pada jeung padalisan, sedengkeun istilah engang jarang digunakeun.
Kata Kunci : Pada, engang, padalisan