Tolong ya pelajaran kls 1 SD peklemeskeun kalimah di handap 1. Kuring keur ngapalkeun Pupuh 2. Balik ti sakola berang keneh 3. Peuting Kuring sok ngapalkeun Jeu
Pertanyaan
1. Kuring keur ngapalkeun Pupuh
2. Balik ti sakola berang keneh
3. Peuting Kuring sok ngapalkeun Jeung aa
4. Ayeuna geus peuting
5. Kuring sok hudang subuh
6. Kuring sok solat subuh
7. Solat subuh sok berjamaah
8. Tadi solat subuh kabeurangeun
9. Rek sakola sok sasarap heula
10. Sasarap peuting keur kasehatan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dina Tatakrama Basa Sunda, atawa anu baheula mah kungsi disebut Undak usuk Basa Sunda, aya dua ragam basa nyaeta anu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur.
Pembahasan
Pikeun ngajawab pananya di luhur, dihandap ieu nyaeta kalimah dina ragam basa loma jeung kalimah dina ragam basa hormat / lemes:
- Kuring keur ngapalkeun Pupuh, Abdi nuju ngapalkeun Pupuh
- Balik ti sakola beurang keneh, Wangsul ti sakola siang keneh
- Peuting Kuring sok ngapalkeun Jeung aa, Wengi abdi sok ngapalkeun sareng aa
- Ayeuna geus peuting, Ayeuna parantos wengi
- Kuring sok hudang subuh, Abdi sok hudang subuh
- Kuring sok solat subuh, Abdi sok netepan subuh
- Solat subuh sok berjamaah, Netepan subuh sok berjamaah
- Tadi solat subuh kabeurangeun, Tadi netepan subuh kasiangan
- Rek sakola sok sasarap heula, Bade sakola sok sasarap heula
- Sasarap peuting keur kasehatan, Sasarap wengi kanggo kasehatan
Ku ayana dua rupa kecap lemes, nyaeta kecap lemes keur ka sorangan jeung kecap lemes keur ka batur, hiji kecap bisa miboga dua rupa kecap lemes. Saperti kecap hudang di luhur, nyaeta mangrupa kecap lemes keur ka sorangan. Sedengkeun kecap lemes tina hudang keur ka batur nyaeta gugah. Kitu oge kecap sasarap, bisa digunakeun pikeun kecap lemes keur ka sorangan. Sedengkeun kecap lemes keur ka batur tina kecap sasarap nyaeta tuang.
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : VII
Mapel : Bahasa Sunda - Paguneman
Bab : 1
Kode : 7.13.1
Kata Kunci : Undak usuk basa Sunda