B. Daerah

Pertanyaan

naon anu disebut karya sastra wangun puisi teh?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Anu disebut karya sastra wangun puisi teh nyaeta karya sastra anu minimal dina nulisna diwatesan ku padalisan atawa baris jeung pada atawa bait. Bedana karya sastra wangun puisi atawa ugeran jeung prosa atawa lancaran nyaeta yen dina wangun prosa mah henteu aya watesan padalisan jeung pada.

    Sanajan wangun puisi teh diwatesan ku padalisan jeung pada, umpama ditilik tina wangun rumpakana, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi nu kauger atawa kaiket ku aturan jeung puisi nu henteu kaiket ku aturan. Conto puisi nu kaiket ku aturan nyaeta guguritan jeung wawacan nu kaiket ku aturan pupuh. Sedengkeun conto puisi nu henteu kaiket ku aturan nyaeta saperti sajak, kawih, mantra jeung pupujian.

Pertanyaan Lainnya